Lompat ke isi

Primata

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Primata
Temporal range: Tungtung Kretasius - Kiwari
Babon Zaitun, Monyét Dunya Kuna
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Kelas:
Subkelas:
Superordo:
(unranked):
Ordo:
Primata

Linnaeus, 1758
Kulawarga

Primata (L. prima, kahiji) hartina sakabéh anggota ordo nu ilaharna patali jeung lemur, monyét, jeung kera, kaasup manusa.[1] Primata aya di sakuliah dunya, tapi lolobana mah (nu lain manusa) ayana di Amérika Tengah jeung Kidul, Aprika, jeung Asia Kidul.

Ordo primata sacara teu resmi dibagi deui kana tilu golongan utama: prosimian, Monyét Dunya Anyar, jeung monyét sarta kera Dunya Kuna. Prosimian téh spésiés nu awakna ampir sarupa jeung proto-primata awal, misalna lemur Madagaskar jeung kapuloan Komoro nu kakurung ti dunya luar. Monyét Dunya Anyar ngawengku monyét kapucin, howler, jeung monyét bajing nu ukur aya di Amérika. Di saluarkeun manusa, simian, Monyét Dunya Kuna jeung kera mah ngeusi Aprika jeung Asia Kidul & Tengah, najan aya bukti fosil nu nunjukkeun yén spésiés-spésiés éta ogé kungsi aya di Éropah. Kiwari kacatet aya 190–448 spésiés primata hirup, gumantung kana klasipikasi anu dipaké. Di Asia, kacatet aya 119 spésiés, satengahna aya di Indonésia.[2]

Dedegan

[édit | édit sumber]
Dedegan manusa

Sakabéh primata boga lima ramo (pentadaktili), pola huntu nu sarua, sarta widang awak nu primitip. Ciri pangbéda séjénna nyaéta ayana kuku. Jempol nu nyanghareup ka ramo lianna ogé mangrupa ciri primata, najan aya ogé sato séjén nu boga ciri kieu.

Évolusi primata

[édit | édit sumber]

Lima puluh juta taun ka tukang, dina mangsa Éosen, jumlah primata—kaasup spésiés nu hirup di tangkal jeung nu hirup di taneuh—ngaronjat kalawan gancang. Antukna, évolusi garis katurunan primata ngahasilkeun manusa. Primata dina mangsa éta—saperti prosimian nu katelah Tetonius—mibanda nonjolan leutik dina tulang tangkorak bagian otak, nyaéta wewengkon tempat lobus frontal bakal mekar saterusna. Bukti fosil pangkolotna ngeunaan otak nu némbongkeun ciri-ciri nu rada mirip jeung manusa asalna ti dalapan belas juta taun ka tukang dina mangsa Miosen, nu bareng jeung munculna kera antropoid nu katelah Proconsul. Proconsul téh mahluk nu leumpang maké opat suku sarta hirup di tangkal; kamungkinan pisan mahluk ieu téh karuhun ti kera-kera badag modérn sarta, bisa jadi, karuhun Homo sapiens. Proconsul bisa jadi kacida miripna jeung gambaran urang ngeunaan karuhun babarengan antara kera jeung manusa. Bagian jero tangkorak Proconsul némbongkeun lobus frontal anu nonjol, nanging lipatan néokortéksna henteu mekar sapertos anu kapanggih dina kera modérn sareng manusa.[3]

Uteuk primata

[édit | édit sumber]

Sacara rata-rata, otak primata téh kira-kira dua nepi ka dua puluh kali leuwih gedé batan otak mamalia non-primata anu boga massa awak sarua.[4]

Baca ogé

[édit | édit sumber]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. ↑ M. Goodman, D. A. Tagle, D. H. Fitch, W. Bailey, J. Czelusniak, B. F. Koop, P. Benson, J. L. Slightom (1990). "Primate evolution at the DNA level and a classification of hominoids". Journal of Molecular Evolution. 30: 260–266. Pamiaraan CS1: Loba ngaran: daptar pangarang (tumbu)
  2. ↑ Christian Roos, Ramesh Boonratana, Jatna Supriatna, John R. Fellowes, Colin P. Groves, Stephen D. Nash, Anthony B. Rylands, Russell A. Mittermeier (2014). "An updated taxonomy and conservation status review of Asian primates". Asian Primates Journal. Pamiaraan CS1: Loba ngaran: daptar pangarang (tumbu)
  3. ↑ Rahman, Fatkhur (2025). The Dragons of Eden, Spekulasi Tentang Evolusi Kecerdasan Manusia. Jakarta: Kepustakaan Populer Gramedia. hlm. 85087. ISBN 9786231344571.
  4. ↑ Rahman, Fatkhur (Jakarta). The Dragons of Eden, Spekulasi Tentang Evolusi Kecerdasan Manusia. Jakarta: Kepustakaan Populer Gramedia. hlm. 32. ISBN 9786231344571. Pamiaraan CS1: Taun (tumbu)
  • ^ Primates in Question (Smithsonian Institute Press, 2003), Robert W. Shumaker & Benjamin B. Beck (ISBN 1-58834-176-3 )

Tumbu kaluar

[édit | édit sumber]


Mamalia
Monotremata

Placentalia: Xenarthra | Dermoptera | Desmostylia | Scandentia | Primates | Rodentia | Lagomorpha | Insectivora | Chiroptera | Pholidota | Carnivora | Perissodactyla | Artiodactyla | Cetacea | Afrosoricida | Macroscelidea | Tubulidentata | Hyracoidea | Proboscidea | Sirenia

Marsupialia: Didelphimorphia | Paucituberculata | Microbiotheria | Dasyuromorphia | Peramelemorphia | Notoryctemorphia | Diprotodontia