Topografi

Topografi mangrupa hiji cabang élmu géografi jeung géodési nu ngulik, mapakeun (metakeun), jeung ngagambarkeun wangun, réliéf, sarta karakteristik bentang alam atawa beungeut bumi sacara wincik.[1][2][3] Istilah "topografi" asalna tina basa Yunani kuno, nyaéta topos nu hartina "tempat" jeung graphein nu hartina "nulis," "ngagambarkeun," atawa "ngalukis".[1][2][4] Sacara ésénsial, topografi méré gambaran struktur tilu diménsi tina beungeut bumi kana wangun format dua diménsi (peta atawa modél), nu ngawengku konfigurasi fitur alam (kawas gunung, pasir, léngkob, walungan, jeung situ) atawa fitur kultural/jieunan manusa (kawas jalan, cukang, wangunan, jeung utilitas) katut posisi rélatif jeung katinggian (élévasi) géografisna.[1][2][3]
Répreséntasi
[édit | édit sumber]Répréséntasi utama tina data topografi téh nyaéta peta topografi.[2] Béda jeung peta biasa, peta topografi nyajikeun gambaran réliéf atawa luhur-handapna beungeut bumi nu diukur kana hiji datum vertikal (kawas rata-rata beungeut cai laut/Luhur Beungeut Cai Laut).[5][4] Fitur pang-hasna tina hiji peta topografi nyaéta ayana garis kontur (garis élévasi).[2][4] Garis kontur téh mangrupa garis implengan (hayal) dina peta nu nyambungkeun titik-titik di beungeut bumi nu boga tingkat katinggian nu sarua.[2][5][4] Tingkat kerepna (kerapatan) garis kontur ieu téh informatif pisan; garis kontur nu jarakna kerep némbongkeun médan atawa daérah nu curam jeung lungkawing, sedengkeun garis kontur nu anggang némbongkeun médan nu landéy atawa datar.[2] Kaakuratan informasi dina ieu peta ogé ditangtukeun pisan ku skalana (leutik, sedeng, atawa gedé), di mana skala nu leuwih gedé bakal ngahasilkeun gambaran posisi data di lapangan nu jauh leuwih akurat jeung wincik.[2][4]
Kagunaan
[édit | édit sumber]Pamahaman ngeunaan topografi boga peran jeung fungsi nu vital pisan salaku fondasi dina rupa-rupa disiplin rékayasa (kawas téhnik sipil jeung téhnik lingkungan), rarancang tata ruang, nepi ka manajemén bencana.[3][4] Fungsi utama peta jeung survei topografi di antarana nyaéta:
Rarancang tata letak (site planning)
[édit | édit sumber]Méré data dasar nu akurat pisan ngeunaan kaayaan lahan sangkan para insinyur jeung arsiték bisa ngarancang tata letak (pangwangunan jalan, rél karéta, gedong, jeung fasilitas publik) sacara presisi, pikeun nyegah kasalahan konstruksi jeung neken résiko gagalna struktur.[2][3]
Manajemén sistim drainase
[édit | édit sumber]Mantuan dina ngukur condongna lahan (gradién) pikeun nganalisis pola aliran cai beungeut, ngarancang sistem tata kelola cai hujan (stormwater), mitigasi résiko banjir, sarta nyegah érosi.[2][3]
Navigasi jeung éksplorasi luar rohangan
[édit | édit sumber]Umumna dipaké ku para pamanjat gawir, pandaki, panggiat alam liar, jeung personil militér pikeun nangtukeun rute lalampahan nu aman ngaliwatan idéntifikasi variasi médan.
Konsérvasi lingkungan
[édit | édit sumber]Mantuan mapakeun jeung ngajénan (menilai) daérah-daérah ékologis nu sénsitif (kawas lahan baseuh atawa habitat kritis) sangkan teu keuna ku pangaruh ruksakna alatan pangwangunan infrastruktur, sakaligus ngarojong kapatuhan kana régulasi perijinan lahan (zonasi).
Référénsi
[édit | édit sumber]- 1 2 3 "Definition of TOPOGRAPHY". www.merriam-webster.com (Dina basa Inggris). Diaksés tanggal 2026-10-19.
- 1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 Wulandari, Trisna. "Apa Itu Topografi, Peta Topografi, dan Fungsinya". detikedu (Dina basa Indonésia). Diarsipkeun ti asli tanggal 2026-10-19. Diaksés tanggal 2026-10-19.
- 1 2 3 4 5 "Back to Basics in Topography: What Is It and Why You Need It". REGA Engineering Group.
- 1 2 3 4 5 6 "Topografi Artinya: Definisi Topografi dan Istilah Terkait" (Dina basa Indonésia). Diaksés tanggal 2026-10-19.
- 1 2 "Topografi". Kamus Badan Pengembangan Infrastruktur Wilayah (BPIW) - Kementerian PUPR RI. [tumbu nonaktif]